Arek mungkir, euweuh alesan keur mungkir
(Mau mungkir, tidak ada alasan untuk mungkir)
Asep endag ku Ai
(Asep gerak sama Ai)
Hese bohong, rumasa teu bisa bohong
(Susah bohong, merasa tak bisa bohong)
Asép oléng ku Ai
(Asep oleng sama Ai)
Ayeuna Asep siga nu kabedil ku jangjawokan
(Sekarang Asep seperti terkena tembak ajimantra)
Kapanah ku kinasihan, lieur ku Ai
(Terpanah mantra kinasih, pusing sama Ai)
Kabedil ku jangjawokan
(Tertembak sama ajimantra)
Kapanah ku kinasihan, gélo ku Ai
(Terpanah mantra kinasih, gila sama Ai)
Samar rasa, samar polah (sama rasa, samar polah)
(Perasaan tidak menentu, salah tingkah)
Teu bisa dipapalérkeun (teu bisa dipapalérkeun)
(Tidak bisa melupakan)
Teu bisa dibébénjokeun (teu bisa dibébénjokeun)
(Tidak bisa dibujuk)
Nu aya dina lamunan beurang-peuting ukur Ai
(0Yang ada diingatan siang malam hanya Ai)
Rumasa teu bisa mungkir (rumasa teu bisa mungkir)
(Merasa tida bisa mungkir)
Asep oyag-oyagan ku Ai
(Asep gemetar oleh Ai)
Rumasa teu bisa bohong (rumasa teu bisa bohong)
(Merasa tida bisa mungkir)
Asep eundeuk-eundeukan ku Ai
(Asep bergerak-gerak oleh Ai)
Teu bisa mungkir jeung bohong
(Tidak bisa mungkir dan bohong
Nu aya dina haté Asép ngan ukur Ai
(Yang ada dalam hati Asep, hanya Ai)
Arék mungkir, euweuh alesan keur mungkir
(Mau mungkir, tidak ada alasan untuk mungkir)
Asep endag ku Ai
(Asep gerak sama Ai)
Hese bohong, rumasa teu bisa bohong
(Susah bohong, merasa tak bisa bohong)
Asép oléng ku Ai
(Asep oleng sama Ai)
Asép oléng ku Ai
Kabedil ku jangjawokan
Kapanah ku kinasihan, gélo ku Ai
Teu bisa dipapalérkeun (teu bisa dipapalérkeun)
Teu bisa dibébénjokeun (teu bisa dibébénjokeun)
Nu aya dina lamunan beurang-peuting ukur Ai
Asép oyag-oyagan ku Ai
Rumasa teu bisa bohong (rumasa teu bisa bohong)
Asép eundeuk-eundeukan ku Ai
Teu bisa mungkir jeung bohong (teu bisa mungkir jeung bohong)
Nu aya dina haté Asép ngan ukur Ai.